COKEK


Kasenian Cokek mangrupa kasenian tari, asalna ti daerah tanggerang.
Kasenian cokek biasana dilaksanakeun dina acara hajatan, kalahiran jeung
sajabana.
Alat musik nu digunakeun diantarana ; gambang kemong, tehyar, kong
hyar, sukong, kendang, ketuk, kecrek, suling kempul jeung goong.

Salajengna

TEREBANG GEBES


Jenis pagelaran seni bernafas islami, asalana ti daerah sukaraja kabupaten
Tasikmalaya.
Waditra nu dipake diantarana 4 terebang anu ukurannana gede. Gede
leutikna sora anu dikaluarkeun etamah kumahakencengna kulit nu mateng
dina kuluwung.

Salajengna

TARLING


Tarling salah sahiji kasenian teater rakyat khas kota Indramayu jeung
Cirebon. Istilah tarling asalna tina alat musik mangrupa gitar jeung suling.
Lantaran tarling dalah sahiji kasenian rakyat, unsur-unsur nu aya dina
tarling teh aya unsur lawak jung peran lakon.

Alat musik nu dipake 3 gitar, suling, kendang, tutukan (kenong), goong,
kecrek, tamborin jeung organ.

Salajengna

TEMBANG SUNDA CIANJURAN


asalna tikalangan bangsawan dilingkungan pendopo kabupaten Cianjur.
Leuwih populer disebut Cianjuran.
Ciri-ciri bentuk pagelaran sekar gending, lirik kawih asalna tina carita
pantun mundinglaya dikusumah.

Salajengna

RUDAT


Asal muasalna ti lingkungan pasantren, dijadikeun saran nyebarkeun
agama islam. Rudat salah sahiji pagelaran kasenian mangrupa tarian. Alat
musik nu di pake diantarana ketimpring atawa rebana.
Jumlah panabuh rebana diantarana :
Panabuh rebana bibit 1
Panabuh rebana anak 3
Panabuh rebana telu 1
Panabuh rebana sela 1
Panabuh rebana rapat 4
Panabuh rebana perulek 2
Panabuh rebana rangkep 2
Panabuh rebana gendring 14
Panabuh rebana kempul 2
Bentuk tarian Rudat dipidangkeun berkelompok, minimal 4 panari.

Salajengna

GENJRING BONYOK


Asal muasal ti daerah Genjring jeung Bonyok. Genjring mangrupa alat
kasenian nu dijieuna tina waditra make kulit di papaesan hiasan jiga antinganting
tina beusi atawa parunggu jang hiasannana. Sedengkeun Bonyok
etamah ngaran daerah di desa Pangsor kec. Pagaden kabupaten Subang.

Salajengna

GENDREH


Kasenian Gendreh ngabntuk lantaran kapercayaan masarakat kana ayana
Dewi Sri (Dewi Padi). Kasenian gendreh sumebar di daerah Montor kec.
Pagelaran kab. Pandeglang.
Alat anu digunakeun dina kasenian gendreh diantarana 8 alu, 1 lisung,1
taromper.
Anu ngadukung pagelaran diantarana 8 jama jang nutu lisung, 2 jalma jang
ngawih, 1 jalma jang nati, 1 jalma jang niup tarompet, jeung pupuhu adat.

Salajengna

GEMYUNG


Gemyung nyaeta pagelaran musik. Waditra nu ngarojong pagelaran
gemyung diantarana waditra terbang jeung tarompet. Kasenian gemyung
kentel pisan unsur nafas islamina.
Kasenian gemyung ayana didaerah Cibogo kopiluhur jeung Benda
Cirebon.
Waditra lain anu diperlukeun nyaeta 4 kempling ( kempling siji, kempling
loro, kempling telu, jeung kempling papat), Bangler jeung Kendang.

Salajengna

CELEMPUNGAN


Asal muasal celempungan tina kcap celempung nyaeta alat waditra nu
dijieuna tina awi nu make tali tina sembilu jang snarna, dibagean tengahna
diliangan pikeun kaluarna sora musikna.
Kasenian celempungan tos sumebar di tilu wilayah, diantarana daerah
Cicalung kacamatan Purwakarta, Taringgul kacamatan Wanayasa jeung
Cijaura desa Lebak Muncang kacamatan Purwakarta.
Kasenaian celempungan panyajiannana ngabentuk sekar gending,
dimimitian midangkeun kawih Bendong, terus kawih-kawih anu boga harti
ngahormat para leluhur, saperti kawih kembang gadung jeung kidung.
Waditra lain anu diperlukeun pikeun ngarojong pagelaran celempungan
nyaeta kacapi, piul, keprak jeung goong buyung.

Salajengna

BANGRENG


Kasenian bangreng merupakan perpaduan tina kasenian terbang dengan
ronggeng. Pikeun nambah kaharmonisan pagelaran bangreng diayakeun juru
kawih (sinden) jeung juru jaksa ( penari).
Waditra nu digunakeun : terebang 4, 2 set kendang, tarompet, rebab,
goong, 2 set saron, bonang, penerus, peking, jeung kecrec.
Lagu-lagu nu sok dipidangkeun dina pagelaran bangreng : daun pulus,
kabengbat, kasih panutan, kabungbulengan, kiser saidah, tepang sono,
kembang beureum jeung sajabana.
Para pamaen bangreng dianatarana :
Pemain terebang 4 orang
Pemain kendang
Pemain rebab
Penabuh goong
Penabuh saron 2 orang
Penabuh bonang
Penabuh penerus
Penabuh kecrek
Juru kawih 3-5 orang
Penari inti 2 orang
Penari pendamping 4 orang
Juru jaksa

Salajengna