Tampilkan postingan dengan label kesenian. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label kesenian. Tampilkan semua postingan

COKEK


Kasenian Cokek mangrupa kasenian tari, asalna ti daerah tanggerang.
Kasenian cokek biasana dilaksanakeun dina acara hajatan, kalahiran jeung
sajabana.
Alat musik nu digunakeun diantarana ; gambang kemong, tehyar, kong
hyar, sukong, kendang, ketuk, kecrek, suling kempul jeung goong.

Salajengna

TEREBANG GEBES


Jenis pagelaran seni bernafas islami, asalana ti daerah sukaraja kabupaten
Tasikmalaya.
Waditra nu dipake diantarana 4 terebang anu ukurannana gede. Gede
leutikna sora anu dikaluarkeun etamah kumahakencengna kulit nu mateng
dina kuluwung.

Salajengna

TARLING


Tarling salah sahiji kasenian teater rakyat khas kota Indramayu jeung
Cirebon. Istilah tarling asalna tina alat musik mangrupa gitar jeung suling.
Lantaran tarling dalah sahiji kasenian rakyat, unsur-unsur nu aya dina
tarling teh aya unsur lawak jung peran lakon.

Alat musik nu dipake 3 gitar, suling, kendang, tutukan (kenong), goong,
kecrek, tamborin jeung organ.

Salajengna

TEMBANG SUNDA CIANJURAN


asalna tikalangan bangsawan dilingkungan pendopo kabupaten Cianjur.
Leuwih populer disebut Cianjuran.
Ciri-ciri bentuk pagelaran sekar gending, lirik kawih asalna tina carita
pantun mundinglaya dikusumah.

Salajengna

RUDAT


Asal muasalna ti lingkungan pasantren, dijadikeun saran nyebarkeun
agama islam. Rudat salah sahiji pagelaran kasenian mangrupa tarian. Alat
musik nu di pake diantarana ketimpring atawa rebana.
Jumlah panabuh rebana diantarana :
Panabuh rebana bibit 1
Panabuh rebana anak 3
Panabuh rebana telu 1
Panabuh rebana sela 1
Panabuh rebana rapat 4
Panabuh rebana perulek 2
Panabuh rebana rangkep 2
Panabuh rebana gendring 14
Panabuh rebana kempul 2
Bentuk tarian Rudat dipidangkeun berkelompok, minimal 4 panari.

Salajengna

GENJRING BONYOK


Asal muasal ti daerah Genjring jeung Bonyok. Genjring mangrupa alat
kasenian nu dijieuna tina waditra make kulit di papaesan hiasan jiga antinganting
tina beusi atawa parunggu jang hiasannana. Sedengkeun Bonyok
etamah ngaran daerah di desa Pangsor kec. Pagaden kabupaten Subang.

Salajengna

GENDREH


Kasenian Gendreh ngabntuk lantaran kapercayaan masarakat kana ayana
Dewi Sri (Dewi Padi). Kasenian gendreh sumebar di daerah Montor kec.
Pagelaran kab. Pandeglang.
Alat anu digunakeun dina kasenian gendreh diantarana 8 alu, 1 lisung,1
taromper.
Anu ngadukung pagelaran diantarana 8 jama jang nutu lisung, 2 jalma jang
ngawih, 1 jalma jang nati, 1 jalma jang niup tarompet, jeung pupuhu adat.

Salajengna

GEMYUNG


Gemyung nyaeta pagelaran musik. Waditra nu ngarojong pagelaran
gemyung diantarana waditra terbang jeung tarompet. Kasenian gemyung
kentel pisan unsur nafas islamina.
Kasenian gemyung ayana didaerah Cibogo kopiluhur jeung Benda
Cirebon.
Waditra lain anu diperlukeun nyaeta 4 kempling ( kempling siji, kempling
loro, kempling telu, jeung kempling papat), Bangler jeung Kendang.

Salajengna

CELEMPUNGAN


Asal muasal celempungan tina kcap celempung nyaeta alat waditra nu
dijieuna tina awi nu make tali tina sembilu jang snarna, dibagean tengahna
diliangan pikeun kaluarna sora musikna.
Kasenian celempungan tos sumebar di tilu wilayah, diantarana daerah
Cicalung kacamatan Purwakarta, Taringgul kacamatan Wanayasa jeung
Cijaura desa Lebak Muncang kacamatan Purwakarta.
Kasenaian celempungan panyajiannana ngabentuk sekar gending,
dimimitian midangkeun kawih Bendong, terus kawih-kawih anu boga harti
ngahormat para leluhur, saperti kawih kembang gadung jeung kidung.
Waditra lain anu diperlukeun pikeun ngarojong pagelaran celempungan
nyaeta kacapi, piul, keprak jeung goong buyung.

Salajengna

BANGRENG


Kasenian bangreng merupakan perpaduan tina kasenian terbang dengan
ronggeng. Pikeun nambah kaharmonisan pagelaran bangreng diayakeun juru
kawih (sinden) jeung juru jaksa ( penari).
Waditra nu digunakeun : terebang 4, 2 set kendang, tarompet, rebab,
goong, 2 set saron, bonang, penerus, peking, jeung kecrec.
Lagu-lagu nu sok dipidangkeun dina pagelaran bangreng : daun pulus,
kabengbat, kasih panutan, kabungbulengan, kiser saidah, tepang sono,
kembang beureum jeung sajabana.
Para pamaen bangreng dianatarana :
Pemain terebang 4 orang
Pemain kendang
Pemain rebab
Penabuh goong
Penabuh saron 2 orang
Penabuh bonang
Penabuh penerus
Penabuh kecrek
Juru kawih 3-5 orang
Penari inti 2 orang
Penari pendamping 4 orang
Juru jaksa

Salajengna

BANGKLUNG


Kaseniang bangklung perpaduan tina seni terbang jeung angklung. Seni
terbang nyaeta seni anu bernafaskan islam nu diwangun ku waditra terbang (
dijieun tina kai sarupa jeung rebana anu ukurannana badag, mirip jeung
waditra gemyung )

Seni bangklung diciptakeun taun 1966 ku Ajuk, Sri Asari jeun Rukasah.
Muncul di kampung cisero, kecamatan cisurupan kabupaten Garut.
Waditra nu digunakeun nyaeta, 5 buah terbang, 9 buah angklung. Waditra
lainnya tarompet, calung, kecrek, keprak jeung batok.

Salajengna

BANGKONG REANG


Bangkong reang nyaeta seni musik bambu sajenis bangkong ciseke, terdiri
4 buah kentongan berbagai ukuran, pagelaran kasenian bangkong reang
diayakeun pikeun ngahormat ka dewi padi. Unsur pagelaran kasenian
bangkong reang terbentuk tina unsur karawitan jeun unsur tari.
Waditra nu digunakeun : kohkol (kentongan), ruas hiji, ruas tilu, ruas opat,
borogododol jalu, borogododol bikang, kolotok jeung belentuk.
Sayir lagu nu biasa dipidangkeung, diantarana :
Rajah, tatalegongan, s
ang kodok,
trang-trang kolentrang,
oyong-oyong jeung
bangkong.

Salajengna

ANGKLUNG GUBRAG


Instrumen musik nu di gunakeun dina angklung gubrag nyaeta :
1) Salapan angklung nu gede, nyaeta :
Angklung reil 2
Angklung kurulung 2
Angklung suco 2
Angklung engklok 2
Angklung-angklung melodi 1
2) 2 dogdog loyor
Pagelaran angklung gubrag dasarna mah ngan mangrupa permainan
instrumen angklung secara ritmis lain secara melodis.

Salajengna

ANGKLUNG BADUY


Kasenian masarakat Baduy diantarana : kesenian Kromong, suling,
gambang, rendo, karinding, calintuh, pantun jeung angklung.
Teu sagawayah jelema nu bisa nyieun angklung Baduy, jalma nu
dianggap suci ku urang kampung nyaeta jalma atu tuhu pangkuh kana aturan
adat, nu disebt tangtu ( Cikeusik, Cibeo, jeung Ciketawarna ).
Angklung di masarakat Baduy ngabogaan fungsi pikeun sarana
panghormatan ka Dewi Sri, jeung pikeun ngalaksanakeun upacara-upacara
adat anu masih aya tepikeun ka kiwari.
Ritual dina upacara adat nu aya hubungannana jeung tatanen, biasana
pagelaran nana saperti :
o Sesepuh adat mawa sasaji jeung kameyan,
o Panabuh dogdog jeung angklung beriringan ngalage bari maenkeun
waditra, ngabentuk pola lantai lingkaran jeung garis-garis spiral.
o Waktu irama makin muncak, para pemain ngalakukan gerakan seseroan,
yaeta gerakan imitatif binatang sero.
o Pangelaran pamungkas, tempo irama menurun, pemain ninggalkeun
arena upacara.
Instrument musik nu di gunakeun dina kasenian angklung Baduy, aya 9
buah angklung, dua buag dogdog. ( angklung roel I,roel II, torolok, indung
leutik, dogdog, gunjing, ringkung, indung, dogdog telingting jeung dogdog
ketug ). Lagu-lagu nu sok dipidangkeun nyaeta : lutung kasarung,yandu bibi,
ceuk arileu, oray-orayan, dengdang, yarigandang, oyong-oyong bangkong,
badan kula, kokoloyoran, ayun-ayunan, pileuleuyan, gandrung manggu, rujak
gadung, mulung muncang, giler, ngaranggeong, aceukna, marenggo, salaksa
dapur, randa ngendong, celementre, keupat reundang, papacangan jeung
culadi dengdang.

Salajengna