Conto Pupuh

Pupuh Kinanti 
Budak leutik bisa ngapung, Babaku ngapungna peuting, Ngalayang kakalayangan, Neangan nu amis-amis, Sarupaning bungbuahan, Naon wae nu kapanggih.

Pupuh Asmarandana 
Eling eling mangka eling Rumingkang di bumi alam Darma wawayangan bae Raga taya pangawasa Mun kasasar nya lampah Napsu nu matak kaduhung Badan anu katempuhan

Pupuh Maskumambang 
Hey barudak kudu mikir tileuleutik, maneh kahutangan, ka kolot ti barang lahir, nepi ka ayeuna pisan. 

Pupuh Balakbak 
Aya warung sisi jalan rame pisan, Citameng Awewena luas luis geulis pisan, ngagoreng Lalakina lalakina leos kapipir nyo'o monyet, nyanggereng 


Pupuh Durma 

Moal ngejat sanajan ukur satapak Geus di pasti ku jangji Mun tacan laksana numpes musuh sarakah Henteu niat seja balik najan palastra Mati di medan jurit. 

Pupuh Gambuh
Kutan kitu ari maung Simana kaliwat langkung jalmi jalmi warni warni Seueur anu ngoplok bujur Bawaning sieun di kokos.

Pupuh Gurisa 
Waktu barudak keur mijah Arulin semu barungah Ger hujan gede pohara Barudak breng lalumpatan Ngiuhan di bale desa Ngadago raatna hujan. 

Pupuh Juru Demung
Mungguh nu hirup di dunya Ku kersaning Anu Agung Ku kersaning Anu Agung Geus pinasti panggih Geus pinas tigeus pinasti panggih Jeung dua rupa perkara Senang paselang jeung bingung. 

Pupuh Ladrang 
Aya hiji rupa sato leutik, Engkang-engkang sok luluncatan di cai, Ari banguna rek sarupa jeung lancah. 

Pupuh Lambang
Urang kudu inget pisan Nya di ajar di sakola Masing geura geura bisa Sing inget ka indung bapa 

Pupuh Mijil 
Mesat ngapung putra sang Arimbi, Jeung mega geus awor, Beuki lila beuki luhur bae, Larak lirik ningali ka bumi, Milari kang rai, Pangeran Bimanyu.

Pupuh Pangkur
Seja nyaba ngalalana Ngitung lembur ngajajal milangan korihenteu puguh anu dituju Balikan paman sadayanu timana tiluan semi nu rarusuh Lurah begal ngawalonan Aing ngaran Jayapati 

Pupuh Pucun 
Utamana jalma kudu rea batur Keur silih tulungan Silih titipkeun nya diri Budi akal lantaran ti pada jalma 

Pupuh Sinom 
Sinom nu jadi piwulang Piwulang ka murang kalih Anu eukeur sarakola Mambrih salamet nya diri Ingetkeun beurang peuting Tungkus dina jero kalbu Keur conto salalawasna Kaitkeun di jero ati Ulah pisan hirup tinggal tiwiwaha 

Pupuh Wirangrong
Deudeuh teuing nu prihatin Rukmantara keur ka bendon Sedih manahna kalangkung Henteu eureun eureun nangis Angkat sakaparan parankawas anu eukeur gundam. 

Pupuh Magatru 
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung, Kopo, Ronggo, Cisondari, Cicalengka, Ujungberung Rajamandala, Cimahi, Leles, Limbangan, Tarogong.

Pupuh Dangdanggula 
He Barudak poma sing areling sing nyaah ka indung ka bapa Maraneh teh matak hese Komo nu jadi indung Kahesean kaliwat sakingti keur di kandungan Matak hese wungkul Mun dengdek kukulinciran Waktu maneh gubrag gumelar ka lahir Indung teh boa ajal.

0 komentar:

Posting Komentar