CELEMPUNGAN


Asal muasal celempungan tina kcap celempung nyaeta alat waditra nu
dijieuna tina awi nu make tali tina sembilu jang snarna, dibagean tengahna
diliangan pikeun kaluarna sora musikna.
Kasenian celempungan tos sumebar di tilu wilayah, diantarana daerah
Cicalung kacamatan Purwakarta, Taringgul kacamatan Wanayasa jeung
Cijaura desa Lebak Muncang kacamatan Purwakarta.
Kasenaian celempungan panyajiannana ngabentuk sekar gending,
dimimitian midangkeun kawih Bendong, terus kawih-kawih anu boga harti
ngahormat para leluhur, saperti kawih kembang gadung jeung kidung.
Waditra lain anu diperlukeun pikeun ngarojong pagelaran celempungan
nyaeta kacapi, piul, keprak jeung goong buyung.

0 komentar:

Posting Komentar