ANGKLUNG BADUY


Kasenian masarakat Baduy diantarana : kesenian Kromong, suling,
gambang, rendo, karinding, calintuh, pantun jeung angklung.
Teu sagawayah jelema nu bisa nyieun angklung Baduy, jalma nu
dianggap suci ku urang kampung nyaeta jalma atu tuhu pangkuh kana aturan
adat, nu disebt tangtu ( Cikeusik, Cibeo, jeung Ciketawarna ).
Angklung di masarakat Baduy ngabogaan fungsi pikeun sarana
panghormatan ka Dewi Sri, jeung pikeun ngalaksanakeun upacara-upacara
adat anu masih aya tepikeun ka kiwari.
Ritual dina upacara adat nu aya hubungannana jeung tatanen, biasana
pagelaran nana saperti :
o Sesepuh adat mawa sasaji jeung kameyan,
o Panabuh dogdog jeung angklung beriringan ngalage bari maenkeun
waditra, ngabentuk pola lantai lingkaran jeung garis-garis spiral.
o Waktu irama makin muncak, para pemain ngalakukan gerakan seseroan,
yaeta gerakan imitatif binatang sero.
o Pangelaran pamungkas, tempo irama menurun, pemain ninggalkeun
arena upacara.
Instrument musik nu di gunakeun dina kasenian angklung Baduy, aya 9
buah angklung, dua buag dogdog. ( angklung roel I,roel II, torolok, indung
leutik, dogdog, gunjing, ringkung, indung, dogdog telingting jeung dogdog
ketug ). Lagu-lagu nu sok dipidangkeun nyaeta : lutung kasarung,yandu bibi,
ceuk arileu, oray-orayan, dengdang, yarigandang, oyong-oyong bangkong,
badan kula, kokoloyoran, ayun-ayunan, pileuleuyan, gandrung manggu, rujak
gadung, mulung muncang, giler, ngaranggeong, aceukna, marenggo, salaksa
dapur, randa ngendong, celementre, keupat reundang, papacangan jeung
culadi dengdang.

0 komentar:

Posting Komentar